GURU
Ibu, Bapa guru . . . Jasa ibu sareng bapa samudayana, lir jaladri tanpa tepi, lir gunung tanpa tutugan, matri dina sanubari, mancuh dina lelembutan. Piwuruk miwah atikan kasuhun katampi pisan. Ibu, Bapa guru . . . Tilu taun sadayana sasarengan.. Tinangtos seueur kaleupatan sinareng kaluluputan.. Samemeh abdi sadayana lunta.. Abdi neda dihapunten tina galih nu wening Tina manah anu setra taya geuneu melekmek estuning clik putih clak herang. Ibu, Bapa guru . . .